Tahlilan
(ku Devi Agustina)
Tradisi urang Sunda teh loba pisan, diantarana wae aya tahlilan. Tahlilan mangrupakeun salah sahiji kagiatan atawa tradisi nu masih keneh dilestarikeun ku urang Sunda husus anu Islam.
Tahlilan ieu mimitina diayakeun ku para wali, kusabab diturunkeun ka budak-budak na jadi tahlilan teh salah sahiji tradisi urang Sunda.
Henteu sakabeh jalma nu aya di urang Sunda ngalakukeun tahlilan sabab satiap jalma teh ngabogaan referensi masing-masing. Aya nu nyebut tahlilan teh bid'ah jadi teu percaya kanu namina tahlilan. Ceuk sabagian mah tahlil teh termasuk bid'ah tapi bid'ah anu hasanah sabab ku ngalakukeun tahlil urang bisa ngrimkeun do'a ka jalma nu tos pupus.
Kagiatan tahlil teh intina mah dzikir ka Alloh, biasana sok maca susuratan saperti maca surat yasin, jst. Tujuanna teh pikeun ngado'akeun jalma nu tos pupus. Tahlilan ieu sok diayakeun dina wengi kahiji nepi ka wengi katujuh, tapi bisa oge dina malem nu katujuhna wungkul.